yaman

Assalamualakum, punten ieu mah bade ngawartosan we,rehna dina rubrik sarana pendidikan SLB (Sekolah Luar Biasa) di Kabupaten Garut mung aya hiji, padahal saleresna mah SLB nu aya di Kabupaten Garut teh aya 22 SLB.
Sareng dina Buku Mengenal Kabupaten Garut (muatan lokal mata pelajaran IPS) anu diterbitkeun ku CV Harikul, eta oge sami dina halaman Data Kecamatan kolom sarana pendidikan teu aya Sakola SLB, padahal SLB di Kabupaten Garut hampir aya di tiap Kecamatan.
Ditambih dina halaman 131 ketinggian gunung Cikuray diserat 2321 m, naha leres supados teu ngabingungkeun ka siswa. Hatur nuhun kana perhatosannanan.  Redaksi: Wa’alaikum salam, hatur nuhun kana perhatosanana & informasina. Perkawis SLB bade dikonfirmasi ka Dinas Pendidikan, ketinggian Gn.Cikuray nu leres 2821mdpl. Hatur nuhun