Assalammu’alaikum
Haturanan ka sadayana,,sim kuring hoyong pisan ninggal Garut langkung majeng tibatan ayeuna margi saleresna potensi Garut sae dina sagala widang. Pariwisata tos pasti eta salah satu komoditas unggulan di Garut, Pertanian mangrupikeun urat nadi perekonomian di Garut,,simkuring mah ngaharep pisan hiji waktos simkuring tiasa ninggal kota kelahiran simkuring ieu teh janten tempat pariwisata nu kasohor ka mana-mana sapertos Bali, hasil tatanenna kaanggo ka mana-mana, atletna ge seueur nu berbakat..ka dulur-dulur nu aya di Garut oge nu di luar Garut sapertos simkuring, yu urang pajukeun Garut janten langkung INTAN..wios teu agreng ku gedong ge, teu pinuh ku pabrik..da Garut mah potensina dina alam...kembangkeun sagala potensina sareng perhatoskeun tur jaga kualitas SDM na...Salam ka Alumni SDN Talun 1, Alumni SMPN 2 Garut, Alumni SMUN 1 Garut...Maju Garut!!!