Masih khabar ti Garut Selatan,
Perkawis Lingkungan:
Lingkungan kacida gancang ruksak, kapungkur sim kuring nuju alit: cai ngageledeg teu saat2, sasatoan rame jeung rupi2 (manuk recet, surili, meong, oray, landak, peusing, meong congkok..ah pokokna asri lah Garut teh..
Tapi ayeuna?? Gunung, pasir, lengkob garundul..gersang..panas! Halodo katiga, cai sesah pisan, taneuh urug dimana-mana, banjir bandang..matak sangsara!
Saran kanggo pamarentah/gegeden/pangayom rahayat alit:
- Kalestarian lingkungan di program.
- Aturan hukum diajegkeun.
- Sistem pangawasan diaktifkeun.
Kanggo masrakat sadayana:
- Dukung program pamarentah.
- Tanemkeun rasa heman/asih ka lingkungan.
- Ulah sarakah ngaruksak leuweung.
- Eling ka generasi urang Garut nu bakal datang
Ka Aparat:
- Patroli tingkatkeun.
- Nu maling kai ti leuweung lindung diproses.
- Ulah pilih kasih/tebang pilih, saha wae nu ngalanggar ditindak.
- Ulah kenging disogok.
Margi: “APARAT TAMENGNA RAHAYAT LEUTIK” Mudah-mudahan kaaos ku sadayana balarea, terutami ku Pamingpin sareng calon-calon pamingpin anu aya di Garut. Sakitu heula ti sim kuring, jalmi urang sisi leuweung.
Hatur nuhun.